PANITRA TURUN SRI MAPAG MUHARAM

Pamiarsa anu mulya sumangga ayeuna urang sami-sami nyakseni acara hajat bumi panitra turun sri mapag Muharram 1430 hijriah, 28 Desember 2008 Masehi di Ds. Pulo Kalapa Kec. Lemah Abang, KabupatenKarawang Propinsi Jawa Barat.
Acara ieu parantos ilahar kapidangkeun unggal taun dina raraga nyukcruk galur nu kapungkur kantunan para luluhur, naratas jalan jaman baheula kabiasaan para ambiya  dina waktos mapag taun nu munggaran ngayakeun kariaan.
Upami nyusud pitutur dina mapag sasih Muharam sasih anu kahiji dina perhetangan taun Islam, maksadna mah nutup taun nu kalangkung mapag taun anu enggal seja syukuran ka Gusti Nu Maha Suci anu nyiptakeun bumi alam sareng sabudeurna, dirayakeun ku syukuran Nu Agung dipusti-pusti
Sumangga urang sakseni ku sadaya kumaha cara-cara nu biasa babakti ka Gusti Allah Nu Maha Suci
Geura uninga tuh di panggung parantos sayagi rupi buah  beut ipucuk daun daging sato darat, sato cai nu liar nu dipiara, sadaya anu dumadi sato hewan tutuwuhan kum henteu diwiji-wiji
Naha Muharam disebat bulan nu Agung, margi mangrupikeun sasih anu munggaran urang kedah lumaku, urang kantunkeun  padamelan anu awon waktos kapungkur urang papag taun enggal ku polah pinuh ku padamelan nu sae utamina dina raraga ningkatkeun kaImanan sareng kaTaqwaan urang ka Allah SWT’

  1. Wayang golek : ieu simbul yen urang di dunya teh lir ibarat wayang da anu ngagerakkeun mah kapan dalang, hirup urang di dunya ngan ukur batas ngumbara hirup katungkul ku pasti paeh teu nyaho dimangsa’ maot pingaraneunnana , upami wayang parantos dilebetkeun kana kotak, wayang tos teu rtiasa naon-naon, nyakitu  hirup urang di dunya teu benten sapertos wayang,hirupna  kumaha dalang., dina mangsa dipundut ku Nu Rahayu dipenta ku Nu Laksana teu daya teu upaya, inget wireh urang teh sadayana bakal maot Qullu nafsin daiqatul maot.
  2. Ngaruwat : hartosna urang kedah ngarawat sagala rupi nu parantos dipaparinkeun ku Gusti Nu Maha Suci ti ngawitan badan sakujur, batur sakasur, dulur sadapur, salembur sareng saterasna, ari nu kedah dirawat ku urang salian ti badan sakujur urang oge tutuwuhan, sasatoan sareng sajabanana istuning  sagala rupi ciptaan Gusti Nu Maha Suci.
  3. Siraman nyaeta mandi kanggo ngaberesihan diri, didinya urang parantos dipaparin pancen kanggo ngaberesihan badan anu lebet kana ngaji  badan, ngaberesihan badan ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal malar bersih diri pageuh  Iman pageuh Islam. Soca kedah leres tngalina, cepil kedah leres danguna, baham kedah leres ucapna, pangambung kedah leres angseuna, waos kedah leres ngegelna, lambey kedah leres pokna, panangan kede sareng katuhu ka kede mangkahade nu  katuhu masing satuhu, panangan ulah lepat rampana,  sampean ulah lepat lengkahna, kitu polah manusa, numawi kedah disiram ku cai asih, kanyaah sarta  kadeudeuh. ,
  4. Talingting lisung : ngalambangkeun sujud syukur ka Yang Agung  kana hasil tani utamana pare nu ku urang dijadikeun bahan poko katuangan nu utami, dimana rengse panen pare teh lajeng ditutu sangkan janten beas, kabiasaan para luluhur mah upami midamel beas teh cekap di lisung , pare ditutu sasarengan mintonkeun adat, wireh ngarengsekeun hiji masalah teu tiasa ku nyalira, nanging kedah ku gotong royong sauyunan, sanaos nutu babarengan tapi teu paketrok malahan matak payus kakupingna aya wirahma nu matak kelar kana ati.
  5. Babaritan ; kiratana tina    babari tani, nyaeta sangkan hasil tani mucekil urang kudu syukur ka Nu Maha Agung  ku jalan ngabuktikeun ka dulur-dulur hasil tina tatanen boh di pasawahan, pakebonan atawa dimana bae anu sakira-kira lahan bisa diolah. Pare pangayak para pohaci, pare lambang nu utama, diiring ku buah beuti, ti ngawitan kaping hiji diiring ku putra putri, dibakian dipayungan dipirig kacapi suling, kacapi kaca pikiran suling pikeun nyusul-nyusul kaeling minangka babakti ka Gusti Nu Maha Suci anu ngagaduhan ciri sareng bukti.
  6. Pawai obor nyaeta  simbol kanggo ngoboran, nyaangan ka nu kalangsu kacandak nafsu,  nyaangan pikiran anu nuju poek kedah kumaha pilampaheun..
  7. Pawai lampion nyandak simbol anu sami wireh kaendahan teh peryogi ku  urang.
  8. Ceramah/dawah Islam didugikeun dina pamungkas acara sabage santapan rohani, kanggo nyiram ati supados manusa nu aya di alam dunya ieu teu hilap ka nu nyiptakeun Alam Dunya sareng sabudeurna. Maparin  pituduh jalan kasalametan dina jalan ridlo Allah.